Insane


...SAMPURASUN...

..sebelum berpantun mari kita berdo'a dulu..
Ya Allah Jika Kau Halalkan Aku
Merindui Kekasihmu Jangan Biarkan Aku
Melampaui Batas Sehingga Melupakan Aku
Pada Cinta Hakiki Dan Rindu Abadi Hanya
Kepadamu..
Ya allah Jangan dulu ambil
nyawaku Sebelum aku membalas budi pada
ibuku, pengen buat orang tua menangis
bahagia karena aku dan pengen buktiin ke
mereka kalau aku bisa jadi apa yang mereka pinta..,
Terkadang hidup itu sangat
menyakitkan.tapi lebih menyakitkan bila
kita gg pernah berbuat apa"untuk kehidupan
kita..


※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※
PANTUN..(bulu PANon diunTUN)
※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※※


pucuk tiwu akar bangban
amis mata di susukan
mun rek milu gera dangdan
cimata gera susutan

sapanjang jalan soreang
moal weleh diaspalan
sapanjang acan kasorang
moal weleh diakalan

lain bangbang lain pancing
lain kananga kuduna
lain babad lain tanding
lain kadinya kuduna

daek soteh ka cinangka
ka cisitu mah teu purun
daek soteh ka manehna
kanu itu mah teu purun

hayang teuing buah hiris
teu bisa ngasakanana
hayang teuing kanu geulis
teu bisa ngakalanana


deungkleung dengdek.2x
buah kopi raranggeuyan
anu dewek.2x
ulah pati diheureuyan

kembang goyang kembang mawar
pacampur jeung kacapiring
hirup loba kahariwang
tagiwur teu geunah cicing

majar maneh nganyam samak
neukteukan bari motongan
majarteh rek neang anak
ngadeukeutan popotongan

rayagung tanggal sapuluh
muharam bulan pamula
kaduhung lamun teu tulus
dipicangcam tibaheula

teki beureum teki hideung
teki kayas solempangan
beuki heubeul beuki nineung
beuki lawas kaedanan


samping hideung dina bilik
kmha nuhurkeun nana
abdi nineung kanu balik
kmha nuturkeun nana

lamun urang ka cikole
moal hese neangan dokar
lamun urang boga gawe
moal susah barang dahar

rarasaan melak cau
teu nyaho mah melak jahe
rarasaan matak lucu
pdhal mah matak rese

kihiang nu mnang nyiar
disugu pikeun jualeun
kahayang mnang nu beunghar
puguhmah jalma kuuleun

cau naon 2x
cau kulutuk dijuru
bau naon 2x
bau hitut nungajuru

aya mri dina rakit
boboko wadah bakatul
lain nyeri ku panyakit
kbgoh dirbut batur


mun teu tulus kapaseukna
kapancirna oge bae
mun teu tulus ka lanceukna
ka adina oge hade

ngalantung mulungan tanjung
bari metik nagasari
bingung nangtung ngalanglayung
ati ceurik pinuh karisi

leuleupeutan leuleumeungan
ngarah kekejoan nana
deudeukeutan reureujeungan
ngarah tetenjoan nana

mihape sisir jeung minyak
bisi kaancloman leungeun
mihape pikir jeung niat
bisi kaangsonan deungeun

kaso pondok kaso panjang
kaso ngaroyom di jalan
sono mondok sono nganjang
sono pateupang di jalan



kapinis ulah disumpit
tangkal muncang ngarangrangan
ieu nulis bade pamit
do'akeun ti kaanggangan...!!!!!!!


sebelum keluar kita berdo'a lagi..!
ya Allah..Jdiknlah cintaku kpdMU sbg s'suatu yg plng aku sukai,Dan rsa takutku pdMU sbg suatu rsa yg plng dalam. Putusknlah sgla k'tergantungn dunia dri ku, Dan gantilah
dg rsa rindu utk brjumpa dgMU.
Bila Engkau mmberikn pd ahli dunia kesejukan,
Apabila Allah memanggilku ambilah aku dalam keadaan Khusnul Khotimah (baik di
akhir) dan sempatkanlah aku mengucapkan
kalimat "LA ILAHA ILLALLAH"
Ya Alloh, seandainya telah Kau catatkan dia milikku, tercipta untuk diriku,
Satukanlah hati kami..!!!!!!!!!
Amiin.……***